Carpon Komala Sutha (Kabar Priangan, 30 Januari 2020)

Hag Siah! ilustrasi Kabar Priangan (1)
Hag Siah! ilustrasi Kabar Priangan

Méh unggal peuting, Indri tara bisa saré tibra. Karék gé sakerejep, geus nyaring deui kaganggu ku pikiran nu teu pararuguh. Pangpangna nu tumali jeung kajadian sabulan katukang. Komo mun pareng réngsé ngalakonan kawajiban sabagé pamajikan dina luhur ranjang, keur pogot-pogot, dumadakan seueul ngaruy rus-ras kana kajadian nu pikacuaeun.

Indri nyilek dina luhur ranjang. Kamarna poék. Salakina mah ngagebra tibra. Ngarérét meueusan ka nu ngagolér gigireun, nyel sebel. Hayang mah utah. Inget lampahna. Enya gé salakina geus susumpahan moal rék milampah sarupa kitu, tapi Indri angger cangcaya. Tiheula, ti mimiti pruk ngajaturakmi, taya iber ngeunaan nu teu pikagenaheun saperti rumah tangga babaturanna. Nu remen kacaritakeun dipangnyolowédorkeun ku salakina. Émil teu kungsi nyolowédor jeung ngahianat kana jangji. Geus ngabukti salila lima taun jadi salaki. Tapi kapercayaan Indri peunggas sapada harita. Basa  manéhna manggihan tur di hareupeun panon sorangan. Émil keur paguley jeung awéwé séjén nu taya lian indungna Indri.

Biwir Indri teu sadar ngocéak nempo nu keur papuket luhur ranjang. Nu katohyan rareuwaseun. Émil geuwat paciweuh néangan pakéanna nu pabalatak di handap. Sedengkeun, indungna bangun nu jongjon. Salsé naker dibaju, masih kaburu nyisiran buuk hareupeun nu jumerit.

“Dri, hapunten Akang!” Émil ngudag  nu lumpat rurusuhan. Teu sudieun ngaladéanan dua manusa nu geus milampah nirca.

“Taya waktu!” Indri nyelah motorna.

“Sing percaya ka Akang!” Émil satekah polah nahan nu rék ingkah. Tapi motor kaburu ngabiur. Mawa kanyeri dina haténa. Ngarasa diteungteuinganeun ku nu jadi indung jeung salaki. Geus puguh indungna remen milampah sarupa kitu jeung lalaki séjén. Jeung lalaki-lalaki nu satia ka pamajikan. Masih can sugema ngadoja nu jadi minantu. Sajajalan pikiranna baluweng.

Dua minggu Indri niis di imah babaturan. Ninggalkeun  anakna nu diasuh ku lanjang. Ninggalkeun pausahaanna. Indri hayang ningtrimkeum pipikiran. Émil  ngarasa jadi salaki nu panglobana dosa. Geus ngaraheutan haté Indri tur ngotoran kapercayaan. Teuing kumaha mimitina, manéhna maké jeung kataji ku mitoha. Ku kageulisanna, sorana,  awakna jeung sagala-galana. Dodoja. Émil hanjakal pisan. Manéhna teu mampuh kaleungitan Indri nu salila lima taun dipupusti.

Indri teu sanggup pisah ti  anakna. Tuluy mulang ka imah. Kapeurih haténa kaubaran. Kakuciwa narungtutan lalocotan sanggeus Émil ngabuktikan yén dirina moal sanggup ngalakonan hirup tanpa Indri. Sakumaha tohagana batu karang di sagara, lamun tuluy-tuluyan disépakan ku cai laut anu asin, tangtu bakal ancur. Kitu deui Indri. Émil mibanda hak dihampura.

Geus dua minggu, Émil jeung Indri hadé. Émil satekah polah némbongkeun réngkak polah nu pikayungyuneun boh hareupeun boh tukangeun. Teu aya deui acara dines ka luar kota. Mulang gawé langsung ngabaturan Indri. Indri teu kungsi kaleungitan salaki. Indungna mah teu aya iber. Indri gé teu aya niat nepungan da masih raheut haté. Ngan kadéngé béja kana ceuli ti langganan nu sok ka butik jeung salon manéhna, yén si Mawar Beureum-nu maksudna landian indungna-tobat.

Indri ngarénghap jero. Masih mentegeg  jero dada. Diupah-apéh gé ngaranna jelema. Dirina saukur manusa biasa. Dina dua minggu salila akur jeung salaki, teu bisa diwadulan, masih kasawang basa indungna keur silih tamplokkeun kasuka jeung Émil.

“Dri…” leungeun Émil upuy-apay dina poékna kamar. Gep, awak Indri karampa. Ngoréjat ngarasa pamajikan teu ngagolér. Cetrék, noél stop kontak. Bray, caang. Kasampak Indri keur nanghunjar bari ngumbar lamunan.

“Tabuh sabaraha tuh!” panon Émil mureleng kana jam nu naplok luhur panto kamar. Jarum pondok nu museur kana angka dua. “Geura kulem deui!”

Indri teu némbal. Teu hayangeun ngarérét ka Émil. Ragamang kana leungeun Indri nu geuwat diképéskeun. Émil ngarahuh laun.

“Dugika iraha bendu ka Akang?” Émil neuteup nalangsa.

“Saha nu bendu?” sora Indri halon.

“Mun teu bendu, raray moal kitu?” Émil cengkat laju diuk gigireunna. “Indri teu ngahapunten kana kalepatan Akang? Kedah kumaha atuh ngabuktoskeunna yén Akang jangji satia?”

“Ti dua mingon kapengker gé pan dihapunten.”

Émil ngarérét. Katara paroman pamajikan teu bérag. Ngemu kakeuheul, kahanjakal jeung parasaan teu genah séjénna. Manéhna bingung kumaha nyanghareupanna. Rarasaan sakabéh jurus geus dibudalkeun sangkan Indri percaya kana jangjina.  Baris satia satuhu tur moal kadoja ku rupaning nu dipikapaur ngaruntagkeun rumahtangga.

“Mun Indri ngahapunten, moal sapertos kieu. Kumaha badé jongjon atuh ari unggal wengi ngan ngalamun waé. Akang  hariwang!”

“Teu kedah hariwang. Abdi teu nanaon!”

“Teu nanaon kumaha? Pikahariwangeun kieu!” leungeun Émil hideung naék kana taktak Indri. Dikeukeup pageuh.

“Hoyong abdi ngécéskeun nu saleresna?” Indri ngarérét meueusan.

“Tangtos atuh geulis!” Émil giak. Pitunduheun halaliber.

“Jujur atanapi wadul?” tanya Indri daria naker.

“Is, nya jujur atuh, sayang!” Émil mageuhan tangkeupan. Nyulusup rasa nyaah jeung deudeuh ka wanoja nu geus jadi pamajikanna.

“Abdi inget waé kana kajantenan éta!” Indri ngarandeg heula. “Kasawang kénéh ih, meni sebel jeung geuleuh nempo Akang numpakan Mamah!”

Émil ngalenyap. “Ulah ngémut-ngémut waé nu kitu! Kumaha urang badé tingtrim ari Indri masih ngémut-ngémut nu taya mangpaatna mah!”

“Abdi mah émut waé. Akang mungkin moal! Paling Akang mah émut kana nu raosna wungkul!” ceuk Indri mimiti teugeug. Dadana ngaguruh. Timburu ka nu jadi indung, nyeri haté jeung asa diteungteuinganeun.Emil teu nyarita. Sarwa salah. Diladénan, Indri mingkin kasundut amarahna. Ari henteu, hariwang mun katugenahna teu budal.

“Nyeri haté abdi mah!” panon Indri ngaburinyay. Teu bisa nyamunikeun katugenah. “Harita Akang ngawadul badé ngawengi di luar kota. Aya pancén ti kantor. Tayohna kalah méngkol ka imah Mamah. Ijid abdi mah, paingan harita bet hayang nyusul. Singhoréng aya dua manusa nu teu eucreug keur jinah!”

“Driiii…” Émil ngusapan buuk Indri nu acak-acakan. “Tos atuh!”

“Meni peureum beunta Akang gé da nuju kéngéng raraos!” kalimah Indri beuki nyararugak.“Sabaraha kali  kikituan sareng Mamah? Jawab!”

Émil ngarénjag ngadéngé kecap pamungkas Indri nu kasar, naék jeung bedas. Reuwas sok sieun katutuluyan mangka liwat tengah peuting. Indri dileuleuyan tapi hésé. Émil ahéng nyanghareupan sikepna nu robah. Teu saperti Indri nu tiheula.

“Jawab jujur!” sora Indri naék deui.

Émil ngarénghap panjang. Antukna ngajawab nu saenyana. Tibatan wadul bisi ngabalukarkeun tikait kana pasualan anyar. Ceuk Émil, leuwih ti sakali. Dua, tilu, opat duka lima. Jadi, basa kaperego harita lain keur nu munggaran. Dada Indri turun naék, ngahégak. Amarah nu ngagugudag. Émil nangkeup tipepereket. Biwir teu reureuh sasambat ka Indri sangkan ngahampura kana kasalahanna.

Tabuh tilu nu jempling. Rep, duanana peureum sanggeus lampu kamar dipoékan. Sirah Indri nyulusup kana dada Émil. Haténa geus léah. Horéng awéwé mah perelu kajujuran najan sakapeung kajujuran téh nganyerikeun.

Duaan harudang liwat subuh. Mandi bareng gejebar gejebur bari suka bungah. Indri ngarasa bagja. Kakuciwana geus punah ku ungkara kajujuran ti Émil. Pikeun Indri ayeuna, salakina boga hak meunang pangampura. Gusti Allah waé lautan pangampura, piraku manéhna sabagé umatna henteu.

Isuk-isuk Indri hahariringan di kamar bari bébérés. Emil geus ngahurungkeun mobil di harasi. Tina manah paling jero, manéhna jangji, ngaleungitkeun kacangcayaan ka Émil, tur moal nginget-nginget deui kajadian nu méh ngabaruntakkeun rumahtanggana.

Hariring masih mapaés biwir Indri waktu hapé dina luhur méja rias ngirining. Hapé salakina.  Geuwat dibuka. Ésémé ti nomer anyar. Mil, najan Mamah sok milampah jeung lalaki séjén, tapi nu keur dikandung ayeuna pituin anak Émil. Wayahna kudu tanggung jawab, piraku budak lahir taya bapaan.***

 

Bandung Barata, 31 Désémber 2017

Komala Sutha nu lahir di Bandung, 12 Juli 1974 nulis dina basa Sunda jeung Indonésia. Tulisanna dimuat dina Manglé, Tribun Jabar, Pikiran Rakyat, Kabar Priangan, Radar Tasik, Femina, Hadila, Potrét, MajalahAnak Cerdas, Beat Chord Music, Solopos, Kedaulatan Rakyat, Tribun Kaltim, Denpasar Post, Lampung Post, Merapi, Padang Ekspres, Analisa, Malang Post, Bangka Post, Kabar Cirebon, Tanjungpinang Post, Medan Post, SundaUrang, Warta Sunda, Kandaga, Mayara, Buletin Selasa, Redaksi Jabar Publisher, SundaMidang, Galura jeung Metrans.