Carpon Komala Sutha (Tribun Jabar, 05 Januari 2020)

Kawin ka Ucing ilustrasi Tribun Jabar-1
Kawin ka Ucing ilustrasi Tribun Jabar

RUKMINI geus baluweng pipikiran sanggeus duit  ludes dipaké nyogok pikeun ngaleueurkeun udaganna jadi kepala dinas di hiji instansi. Nu aya, kalah katipu.

Poé ka poé sirahna mingkin jangar. Pagawéan di kantor geus teu mawa kahégar. Pasualan nu meulit kalah nambahan waktu salakina  mulang tur nyebutkeun geus dipecat alatan korupsi.

Saminggu mah sabar. Tapi kadieunakeun Rukmini remen huleng jentul. Mimiti ngedul ngantor katambah éra ku babaturan nu arapaleun  manéhna moal lila deui baris jadi kepala dinas.

Tabuh tujuh isuk-isuk Rukmini ngaléos ti imahna. Kana angkot eureun di péngkolan Ciririp. Nu dituju lembur Citaméng, di gunung Gedugan. Ongkos ojég gé nepi ka mapuluh réwu.

Nepi ka imah sigrong. Rukmini turun tina ojég bari rénghap ranjug. Teu hésé néangan imah  Ma Ubi mah. Dukun awéwé nu katelah sakti. Sémahna ti mana ti mendi. Ti mimiti jalma cacah kuricakan nepi ka pejabat. Arang nu pamaksudanna gagal.

Panto imah  muka sorangan. Nu némbalan awéwé kolot, maké kabaya, kahandapanana samping kebat. Buukna nu panjang digelung jucung. Imutna nu pikasieuneun ngirut Rukmini ngadeukeutan. Gék, Rukmini diuk hareupeun. Sakedapan teuteupna museur ka nu ngubeng Ma Ubi. Ucing aya tujuhna. Nu lélétak kana dampal sukuna, nu ngangseu tonggongna. Rupa-rupa polahna. Bangun arapét ka dunungan. Rupa-rupa pulas ucing téh aya nu hideung meles, bodas, kulawu, hideung paselang bodas, coklat ngora jeung belang. Ngan aya nu nenggang ucing téh. Buluna hideung, taya kaselapan ku pulas séjén. Malah éta ucing kawas nu istiméwa. Da ngan  hiji-hijina nu wani diuk dina lahunan dunungan. Sobat-sobatna sarua ucing siga nu surti teu waranieun ngandih. Panon ucing hideung seukeut tur nunda sima dipikagimir ku ucing séjénna.

“Poé naon weton Nyai téh?” tanya Ma Ubi muka wangkongan.

“Kemis, Ema…” témbal Rukmini rengkuh.

“Wayahna nyepén dalapan peuting di dieu, nya.”

“Kumaha pami sawengi waé, Ema?” Rukmini ngawanikeun nawar najan nyaho Ma Ubi katelah  sarieuneun boh ku sémah atawa balaréa nu apal mah.

“Bisa waé, tapi pamaksudan Nyai moal langsung laksana. Nyai kudu bulak-balik ka dieu salila dalapan kali. Kumaha?” Ma Ubi mencrong. Dampal leugeunna ngusapan ucing hideung dina lahunan. Ucing nu sarua keur mencrong ka Rukmini. Punduk Rukmini muringkak. Sieun. Tapi pamaksudanna kumaha? Kasawang mun kudu bulak-balik dalapan kali ka gunung dimana lembur Ma Ubi perenahna pangtungtungna. Aya di punclut. Hareupeun tukangeun paeunteung-eunteung jeung gunung deui. Kairong waragad ongkos bulak-balik, sedeng duit teu boga. Pikeun mahar ka Ma Ubi gé can kapikiran. Geus kuma engké wé.

“Nya, mangga atuh, Ma…” témbal Rukmini bari unggeuk. Panonna museur deui kana ucing-ucing nu ngariung hareupeun Ma Ubi. Ucing-ucing nu teu biasa. Punduk Rukmini muringkak deui inget kana béja carita ngeunaan Ma Ubi, dukun kahot nu sakti mandraguna nu munjung ka siluman ucing.

Ma Ubi seuri. Malah rada nyikikik. Panon ucing hideung masih mencrong ka Rukmini. Bangunna Ma Ubi keuna rasa. Geuwat dampal leungeunna ngusapan deui sirah ucing kameumeutna. Éta kitu salaki Ma Ubi téh, pikir Rukmini. Geus lain rusiah mun Ma Ubi kawin jeung ucing. Tapi ucing nu manana teu jinek. Naha nu dina lahunan atawa ucing nu séjénna.

“Hayu atuh, tuturkeun Ema!” Ma Ubi cengkat sanggeus ngécagkeun ucing hideung. Nu tuluy nuturkeun. Kitu deui  ucing nu genep. Rukmini tukangeun. Ngabring ka rohangan tukang, kalacat nété tangga. Nepi ka rohangan lega di luhur. Béda jeung di handap, di luhur mah  geueuman. Rada poék. Loba kamar-kamar, ukur dihalangan ku hordéng. Blus, Rukmini asup ka hiji kamar nu dituduhkeun ku Ma Ubi. Tangtuna sanggeus Ma Ubi peupeujeuh kalawan écés. Tanpa Rukmini ngajéntrékeun heula naon nu jadi udaganna. Da kitu. Geus apal naon tujuan sémah.

Diitung ti poé kahiji. Isukna Rukmini mutih. Tengah peuting kudu hudang mancén ritual di luar. Dibaturan gelebug angin awor jeung sora cai wahangan. Matak ketir.  Rukmini geus mahér mapatkeun jampé. Nepi ka peuting katujuh.

Sakumaha ceuk Ma Ubi, sakabéh pamaksudan Rukmini baris kahontal. Jadi kepala dinas jeung boga dunya barana tanpa hésé. Peuting pamungkas nu nangtukeun pamaksudan Rukmini tinekanan. Rukmini nu geus sumerah kana naon nu baris dilakonan, geus mikir bulak-balik résikona tur panceg tékad.

Tengah peuting, panceg tabuh dua welas. Angin ngagelebug pikakeueungeun. Sora cai wahangan ngaguruh. Ditémpa ku hujan nu ngaririncik. Kemis ka Kemis jadi tujuh. Tambah peuting kadalapan. Meneran peuting Jumaah Kaliwon. Rukmini geus tatahar. Pakéan geus leupas tina warugana. Ngagolér merenah dina luhur samak nu teu kungsi lila rohang kamar nu heureut robah jadi lega. Di luhur rantuy ranggeuyan lampu hias. Reup bray. Samak daksakala jadi permadani nu éndah. Sabudeureun pikaresepeun. Lir kamar pangantén di istana raja. Méoooong! Hordéng nyinglar, sup ucing pulas hideung ka jero. Nyampeurkeun Rukmini nu  sumerah. ***

 

Rohang Nyepén, 9 Méi 2019 

Komala Sutha nu lahir di Bandung, 12 Juli 1974, nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Tulisanna dimuat dina  koran jeung majalah  di antarana Pikiran Rakyat, Tribun Jabar, Kedaulatan Rakyat, Solopos, Merapi, Denpasar Post, Lampung Post, Padang Ekspres, Malang Post, Bangka Post, Analisa, Medan Post, Kabar Cirebon, Tanjungpinang Post, Tribun Kaltim, Radar Tasik, Kabar Priangan, Galura, Femina, Hadila, Potret, majalahAnak Cerdas, Mayara, SundaUrang, WartaSunda, Beat Chord Music, Manglé, SundaMidang, Kandaga, Metrans, Buletin Selasa, Redaksi Jabar Publisher, jeung tulisan séjénna kawengku dina  sababaraha buku solo jeung puluhan buku antologi cerpen sarta puisi.