Carpon Komala Sutha (Tribun Jabar, 22 Juli 2019)

Mati Geni ilustrasi Tribun Jabar (1)
Mati Geni ilustrasi Tribun Jabar

Wanoja umur tilu puluh dalapan taun diuk émok, nyanghareup ngulon. Panonna peureum dina  rohangan nu peteng. Saeutik gé taya cahaya nu ngahaja disayagikeun pon kitu deui taya sesela nu ngondang asup cahaya ti luar.

Manéhna poho tabuh sabaraha  anjog kadinya. Nu inget waktu panonpoé geus lingsir ngulon dipayungan langit nu dipapaés ku layung ngempur. Dijajap ku juru kunci. Lalaki kolot nu surti kana niat manéhna.  Dibarengan ka jero, mapay lulurung nu heureut paselang wahangan leutik nu caina hérang ngagenclang, sakapeung napak kana batu-batu gedé. Guha nu katelah sanget.

Manéhna diperenahkeun di rohangan heureut, poék. Nyorangan.Nyepén. Diri sumerah. Kapeurih haté nu mawa nékad pikeun ngalakonan nu mampuh ngarobah kaayaan. Pangpangna perasaan nu geus disasaak ku hiji lalaki. Saheulaanan, ngolébat waruga nu mibanda rupa kasép. Umurna dalapan taun leuwih ngora ti manéhna. Nu kungsi méré poé nu éstuning éndah dina  beugkeutan cinta nu dilarang. Dua waruga nalikeun haté, nunda harepan mangsa ka hareup. Poho dikaéra diri masing-masing geus kacangcang  tikah jeung pasanganna tur dikersakeun baroga turunan. Cinta buta. Cinta nu ngahalalkeun sagala cara. Teuleum dina lamokot dosa.

Hiji poé nu teu dipiharep, si lalaki  megatkeun asih. Ninggalkeun. Teu méré lolongkrang si wanoja ngécéskeun naon nu jadi kapanasaran. Saméméhna baris mungkas lalakon hirup jeung nu salila ieu maturan sabagé pasangan nu sah.

“Lalaki kitu mah kudu digawéan!” ceuk hiji sora tanpa raga.

“Geus jinek teu méré kasempetan deui! Malah mingkin ngajauhan! Leuwih maskét jeung pamajikanana!” témbal si wanoja.

“Bisa ditarékahan!” ceuk sora méré harepan ka si wanoja nu satadina mah satekah polah mupus rasa najan teu gampil.

“Carana? Pan sidik caritaanana… uing jeung manéhna kudu mungkas lalakon! Manéhna gé bangun geus teu suka ka uing…” si wanoja ngageuri. Peurih haté lain meumeueusan. Si lalaki jalir jangji. Teu saperti waktu aya kahayang.

“Manéh geus remen milampah ngagawéan lalaki… mélét!”

“Nya, baheula mangsa keur rumaja.”

“Naon salahna, ayeuna lakonan deui hal sarupa kitu!”

“Teu bisa!”

“Bisa!”

“Meruhkeun Ihsan nalukkeun haténa?”

“Leuwih ti kitu! Mun perelu sina gélo!”

Sora-sora ngadoja unggal usik. Saban rénghap. Si wanoja teu walakaya. Salaki tinggal salaki. Anak teu kapaliré. Jero pikir ngan aya si lalaki. Hayang meruhkeun deui. Hayang nalukkeun. Lain ku kageulisan deui. Tapi ngaliwatan alam gaib!

Cur mancur cahya ngempur

Murub mubyar ka diri awaking

Waking sajatining manusa

Nu luhur kakukuh

Nu handap rinéksa kawasa

Di katuhu Buyut Lipur

Di kénca Sang Séda Renyep

Nyurup miraga sukma

Kana jiwa pangawada kula. Pun.

Biwir si wanoja nu ngaran Émi kunyam-kunyem tapi teu kedal sora. Mapatkeun mantra. Sabalikan. Dua balikan. Tilu balikan. Sababaraha balikan. Diukna angger émok, teu ngagésér. Panonna angger peureum. Pikiranna museur. Nu tingkolébat satekah polah disingkahan. Beuki katémbong nu ngolébat beuki daria mapatkeun mantra.

Sajam, dua jam, tilu jam. Sapoé sapeuting réngsé. Kalakon. Émi beuki suhud. Nu dipikahayangna baris laksana, kitu nu jadi udaganna. Ihsan, si lalaki nu ngaraheutan manahna baris kausik deui jiwana. Kapéngpéongan. Kabungbulengan. Kaédanan. Ménta balik deui. Ngajak hirup babarengan.

Sora cai ti wahangan leutik nu ngamalir di jero guha, mawa pangaruh tingtrim kana pipikiran Émi. Petengna rohangan mawa panceg paniatan. Tiris. Hareudang. Geus teu dirasa jeung teu karasa.

Mantra didawamkeun deui. Deui-deui mantra didawamkeun. Unggal mantra kalisankeun najan teu kareungeu kedal sora, nambah kayakinan haté Ihsan usik. Inget ka Émi.

Panon Émi peureum. Biwirna nu beureum kunyam-kunyem. Teu reureuh. Taya kacapé. Pakéan nu meulit awak sampayeunna teu dirasa najan jibrug. Késang jeung cai wahangan pacampur.

Ayeuna mah awakna cengkat tapi panonna masih rapet. Sukuna ngaléngkah lalaunan. Mapay rohangan. Dampal suku ancrub kana wahangan leutik. Émi diuk émok di dinya. Dina baseuhna cai wahangan nu ngamalir sapanjang guha sanget. Pakéanna lésot. Wanci janari gedé pamungkas.

Bray, panonpoé ngabagéakeun Émi waktu geus aya dina lawang guha. Tilu poé tilu peuting geus kasorang. Teu dahar, teu nginum, teu saré jeung teu nyora. Juru kunci hideng ngabagéakeun dina lawang. Ngasongkeun nyiru di luhurna aya piring eusi sangu bodas campur ketan, di gigirna salumur cihérang. Dipapaés ku kembang tujuh rupa. Teu loba nu dicaritakeun ku juru kunci iwal ti Émi baris nyorang lalampahan dina waktu nu matak ngabagjakeun. Haté Émi tingtrim liwat saking. Manah beresih rereged leungit.

Ninggalkeun guha nu aya di muara lebah laut kidul. Nu ngolébat dina saban rénghap saméméhna, nu kumalangkang dina kongkolak panon salila ieu, sirna sapada harita. Peurih ilang kakuciwa dadas. Haténa bet kumejot hayang geura paamprok jonghok jeung salakina. Rék ménta hampura tina dosa. Teu kuat hayang geura ngagaléntoran anak-anakna nu kungsi teu kapaliré. Geus panceg, baris jadi pamajikan nu soléh satia tur jadi indung nu payus ditiru dina réngkak paripolah.

Imahna suwung. Pantona rékép. Rét, panon Émi ngarérét ka nu keur ngagolér dina balé. Tarangna kerung niténan waruga nu kungsi dipikawanoh. Dedegan lalaki nu kasép, nu pakéanna teu weléh pikaresepeun wanoja. Nyata, geus rubah. Teu jauh jeung tukang jajaluk. Kawas jalma owah nu geus lila kagégéloan ku bébénéna.

Taktak Émi ngabirigidig. ***

 

Rohang Nyepén dina poéan milangkala, 12 Juli 2019

Komala Sutha nu lahir di Bandung, 12 Juli 1974 nulis dina basa Sunda jeung Indonésia. Tulisanna dimuat dina Manglé, Tribun Jabar, Pikiran Rakyat, Kabar Priangan, Radar Tasik, Femina, Hadila, Potrét, MajalahAnak Cerdas, Beat Chord Music, Solopos, Kedaulatan Rakyat, Tribun Kaltim, Denpasar Post, Lampung Post, Merapi, Padang Ekspres, Analisa, Malang Post, Bangka Post, Kabar Cirebon, Tanjungpinang Post, Medan Post, SundaUrang, Warta Sunda, Kandaga, Mayara, Buletin Selasa, Redaksi Jabar Publisher, SundaMidang, Galura jeung Metrans.