Carpon Komala Sutha (Tribun Jabar, 15 April 2019)

Caleg Nomer Urut Hiji ilustrasi Tribun Jabar (1)
Caleg Nomer Urut Hiji ilustrasi Tribun Jabar

Ngadéngé iber  Adé Anwar jadi caleg téh ti  Oman, sobat mangsa sakola di SMPN 1 Ciroméd. Paamprok di imah Ema di Cikonéng. Kuring karék satengah taun cicing di lembur sanggeus lila bubuara di lembur pamajikan.

“Ulah henteu datang réunian, nya? Harayang tepung jeung énté!” ceuk Oman satengah maksa. Geus remen réunian mah cenah tapi taya kuring, da sidik karék kapaluruh.

“Saha nu hayang tepung jeung uing téh tah?” kuring ngaheureuyan.

“Nya.. kabéh wé! Si Hasan, si Wahyudin, si Ahmad, si Zénal, si Nurjanah, si Enok…”  Oman eureun nataan, “Pokona kabéh…”

Kuring poho ka babaturan SMP, atuda geus lawas teu paamprok. Keur mah harita nyorang pindah imah jeung sakola waktu naék kelas tilu,jadi ngaran-ngaran nu ditataan ku manéhna gé loba nu teu apal, na nu mana. Katambah  bubuara ti satutasna kuliah di kota téh.

“Nya, salam wé ka kabéh…” cékéng bari nyeungeut roko.

“Lain salam-salam! Datang ké tanggal duapuluh lima!”

“Insya Allah!”

“Donaturna mah angger wé… si Adé Anwar!” cenah. Tah, mun ka jalma nu disebutkeun éta kuring inget pisan. Da kungsi dalit enya gé béda aliran. Adé Anwar mah kasebut budak bantangul, remen bolos sakola, sok gelut. Geus teu ahéng mun digiring ka rohang BP téh. Ari kuring sabalikna. Lian ti kapercaya jadi KM, aktif di OSIS, ogé budak pangpinterna téh, nyaan, lain wadul. Lain rék nyombongkeun. Da jeung enyana, niléy ulangna pangpunjulna tina kabéh mata pangajaran. Atuh keur kelas hiji nepi dua juara hiji. Ari kelas tilu mah kaburu pindah ka SMP Muslimin méh deukeut ti imah anyar.

“Inget kénéh ka si Adé?” Oman satengah ngagebah kuring nu kapéngpangkeun kana lamunan ngeunaan Adé Anwar.

“Puguh pangingetna, lantaran remen dititah manggawéankeun tugas… jaba ampir unggal rék ulangan, kuring kudu siap ditironan!’ ceuk kuring ditungtungan ku ngagakgak.

“Tapi lumayan pan sok dibéré keur roko!”

“Da tara ngaroko uing mah keur SMP mah!” kuring geuwat ngagebés.

“Heueuh da énté mah murid teladan!” Oman ngeuhkeuy. “Tah, ayeuna mah si Adé téh nyalonkeun deui caleg!”

“Naha deui? Émang tiheula kungsi?”

“Kungsi!”

“Asup?”

“Asup!”

“Hédun!” teu sadar jempol diangkat. Serebung haseup mulek di rohangan. Suruput kana citéh manis diturutan ku  Oman.

“Matakna… ulah henteu, kudu datang, nya?”  Oman keukeuh. “Aéh… kéla, ari énté téh ka urang mana… jeung kana naon… kasab téh?”

Horéam saenyana némbalan, hadéna Ema nyampeurkeun mawa piring eusi goréng pisang. Atuh kapotong wangkongan. Karék gé, biwir  Oman rék éngab deui, kaburu mantén hapéna disada. Narima telepon. Gurunggusuh bari hahampuraan kudu geuwat balik dititah ku pamajikanana.

Atuh atoh gé manéhna mulang téh, teu tulus kuring ngalalakon. Saléosna manéhna, kuring ngaléngkah ka patengahan imah. Nyampak, Adit jeung Fikri keur lalajo TV bari ngopi kadaharan jieunan ninina. Kuring mulas imut, dua budak lalaki, lain ukur jadi kareueus, tapi kabungah tur panglipur kalbu.

Suku ngaléngkah deui ka hareup, diuk dina korsi. Cekés deui nyeungeut roko. Laju dikenyot. Serebung haseupna ngelun. Teu dibéré hayang datang ka lawungan réuni batur SMP. Katambah deuih kuring nuluykeun di SMP séjén, lulusna mah di dinya. Érék mah jeung babaturan saijazah. Lain embung silaturahmi. Lain teu sono. Tapi éra, ras ka diri nu teu boga kareueus.

Tadi  Oman ngalalakon sobat-sobat sakelas. Nu ayeuna kasambung deui silaturahmi.  Rijal jadi pengacara,  Hasan boga jongko grosir,  Elis geus lila jadi PNS, kitu deui  Komala jeung Lilis. Atuh awéwé nu teu dikersakeun boga kasab, salakina gé aya reueuskeuneun. Nu tentara, nu pulisi, nu pengusaha, paling copél boga toko.  Oman teu boga kalungguhan, purah jadi panjaga sakola jeung muka kantin di SMK. Tapi kahirupanna aya menyatna. Motorna gé tadi katémbongna kaluaran anyar. Jeung pangpangna pédé teu kawas kuring.

Lain kuring teu narima kanyataan. Da nasib jalma mah béda-béda. Tapi kuring harita murid nu dipikareueus ku guru-guru. Babaturan pada hayang dalit. Sabab kuring murid pangpinterna, kitu nurutkeun maranéhna.  Kuring gé ngasaan jadi mahasiswa nepika diwisuda bari niléy cumlaude. Tapi nasib kuring béda jeung maranéhna. Jeung sobat-sobat mangsa SMP.

Mun kuring datang, asa teu boga kapercayaan diri. Naha meureun kuliahan téh teu jadi nanaon. Ukur jadi tukang dagang nu modalna teu pira. Enya, salila dumuk di lembur dina satengah taun ieu téh, kuring ukur bisa nyieunan saté peujit  nu dipihapékeun ka kantin-kantin sakola. Modalna teu leuwih ti saratus réwu da ukur opat kilo. Ari batina mah lumayan sok bisa nabung, mihapé dina tabungan budak nu SD. Ari nu SMP mah, Adit, di sakolana teu diayakeun tabungan.

“Jang… geus solat Asar?” Ema ngurunyung nyampeurkeun. Lamunan kuring kagebah.

“Euh… ngareueurewas. Nya, atos atuh,Ma!” ceuk kuring. Boga kolot nu tinggal sabeulah. Ema geus kolot, kanyaah ka kuring teu robah. Malah asa kaleuleuwihi dibanding jeung ka lanceuk-;lanceuk. Alahmanan ka budak, bisi kuring can manggih sangu, bisi kuring can ka cai jeung sajabana. Ku kituna mah, saha deui atuh nu baris nyaah ka kuring salian ti anak. Iwal Ema.

“Hidep ngalamunan naon, nya?” Ema kerung. Gék diuk gigireun. Kuring ngadedetkeun puntung kana asbak. Mareuman.

“Henteu, Ma…” kuring gideug.

“Ulah mikiran waé si Rika!’ ceuk Ema tatag. “Anggap geus paéh wé!”

Kuring ngarénghap panjang. Barina gé saha nu mikiran Rika. Nu dipikiranna gé teuing dimana jeung teuing keur kumaha. Ceuk Ema, anggap geus maot. Tapi kuring yakin Rika aya kénéh kumelendeng di alam dunya. Piraku ari maot mah tangtu aya kumeter jeung firasat ka barudak. Ka Adit jeung Fikri.

Bongan Ema nyabit Rika, jadina tengah peuting kuring nyaring da kaimpikeun. Rika. Ngimpi Rika. Salila ieu kuring satekah polah mopohokeun. Barudak gé geus taya nu nanyakeun.

Kumalangkang deui harita waktu Rika ménta duit keur meuli pakéan olahraga jeung batik  Fikri. Gedéna saratus salawé réwu. Dibahanan duaratur réwu, da rék langsung balanja ka pasar. Tapi nepi barudak budalan ti sakola, Rika teu mulang. Malah Fikri ngécéskeun taya indungna ka sakola.

Bulan ka bulan taya iber. Di imah kolotna, Rika teu nyampak, malah indungna malik nyarékan ka kuring. Nuduh teu mampuh nyugemakeun nu jadi pamajikan matak wajar dipangejatkeun. Teu dipaké nyeri haté.

Harita téh Fikri kelas hiji SD, ayeuna geus kelas opat. Tiheula mah sok masih nanyakeun, Pa… ari Mamah iraha uih? Disangkana mah miang ka Arab Saudi kawas indung babaturanna. Kuring teu manggih raratan. Rika lir diteureuy bumi. Rumasa diri sabagé salaki teu mampuh nyumponan kahayangna. Ari keur eusi beuteung mah rarasan dicumponan, henteu sotéh keur meuli pakéan nu aralus jeung perhiasan emas ogé parabot imah. Komo Rika kasebut panasan teu paya nempo tatangga aya kamajuan sok gampil sirik. Kahayangna mah meunangkeun kuring téh hirup lubak libuk, piraku cenah hasil kuliah lima taun teu jadi nanaon. Saha atuh nu teu hayang  nyenangkeun anak pamajikan tapi kamampuan kuring semet sakitu. Ihtiar mah ihtiar.

Dina dua taun katukang mah hirup karasa seuseut. Lembur pamajikan jadi karasa lembur deungeun-deungeun. Karasa teu éndah deui pangpangna saprék dipangejatkeun ku Rika. Can dulur-dulurna ngajejeléh kateumampuan kuring maluruh Rika. Kuring mulang ka lembur.

Remen Ema ngahatéan kuring boga pamajikan deui, méh aya nu mikanyaah kuring jeung barudak, pajar téh. Tapi haté kuring lir nutup.    Boroning awéwé séjén bisa mikanyaah budak, dalah awéwé nu geus ngaborojolkeunna gé teu nyaaheun matak ninggalkeun gé.

Ema teu bisa majar kumaha. Kahirupan kuring pikarunyaeun keur nu nyaho mah. Tapi kéheulaanan kudu ngadagang-dagangkeun katunggaraan. Mulang ka lembur nyasat hayang niiskeun pikir, hayang tingtrim. Teu boga kalungguhan gé paduli, nu penting boga kasab halal, bisa ngawaragadan dua budak. Sugan jaga barudak nu ngahontal cita-cita kuring nu teu kahontal.

Teu karasa, dua keclak cimata murag. Kuring léwéh padahal kuring lalaki. Asa ku épés-épés méér teuing diri téh. Geuwat disusut. Hirup lain ukur diceungceurikan. Tapi kudu dilawan ku cara ngarobah. Dalah kuring jalma nu teu diajén ku batur, saukur tukang nyieunan saté peujit. Keunbaé, da sugan di ahérat jaga  ditalék naon kasab di dunya. Moal meureun. Ceuk  Oman tadi beurang, sugan téh geus jadi caleg lila teu tepung téh. Kuring tibang ngahéhéh.

***

Ping duapuluh lima. Kuring geus saged maké pakéan pangalusna dina lomari, meunang ngistrika Ema. Poé Minggu. Tapi barudak mah teu harayangeun milu. Tadina mah moal datang ka acara réunian kelas SMPN 1 Ciroméd. Tapi   sobat-sobat  narelepon. Pajar, mun kuring teu datang, leuwih hadé acara dibolaykeun. Nepi ka kitu. Kawas ka caleg waé.

Bener ceuk Ema, teu kudu éra alatan teu boga kalungguhan atawa usaha nu maju. Enya sih, kuring kudu narima kana nasib. Malah éta  Adé Anwar gé ceuk  Oman… hayang pisan tepung jeung kuring. Pajar, cocok mun kuring jadi juru kampanye partéy nu ngaléng manéhna dina pileg. Kuring tibang ngeuhkeuy. Tapi omongan babaturan bangun daria pisan. Cenah kasempetan. Dipikir, boa éta jalan kuring pikeun ngarobah kahirupan sangkan aya kamajuan.

Nyaan, jadi sono ka babaturan sakelas mangsa di éta sakola. Ka kabéh pangpangna deuih ka Adé Anwar. Budak badeur,  kedul kabina-bina, remen bolos, kabeukina gelut. Niron ka kuring unggal aya ulangan, nitah migawé tugas bari jeung cadu muruhan.

Basa motor ngeuleuyeung, baliho rapang sapaparat jalan. Potrét Adé Anwar. Caleg nomer urut kahiji. Beuki katempo kasépjeung gagah padahal keur harita mah caludih. Nyaan, nasib jalma. Teu sangka ku manéhna najan teu kungsi kuliah tapi bisa suksés kitu, ancrub dina dunya politik. Kasawang kumaha ari keur nyarita hareupeun forum, naha da baheula mah cadu dititah ku guru ka hareup kelas.

Teu wasa hayang geura jonghok. Nepi ka Saung Apung. Teu sirikna silihgabrug jeung sobat teu awéwé teu lalaki. Bari saenyana éra kuring datang nyorangan bari status teu puguh. Boga pamajikan da euweuh, disebut duda da teu kungsi pepegatan. Tungtungan jadi bahan gonjakan. Tapi Alhamdulillah, rasa minder narungtutan laleupasan. Kuring kudu percaya diri.

Nu didago can norojol. Donatur. Adé Anwar. Caleg nomer urut hiji. Saurang gé taya nu teu reueus. Ogé ajrih. Atuda kaasup sobat nu pangsuksésna. Bisa jadi caleg bari urutan kahiji.

Geus dua jam kakara nu didago norojol. Kaluar tina mobilna nu ngagurilap.  Nyangkéh cangkéng pamajikanana nu ginding pisan. Ceuk nu ngaharéwos, pamajikan nu karék dua taun dikawin bélaan miceun nu kahiji. Solongkrong sasalaman ka  kabéh. Pareng paamprok jeung kuring manéhna teu sirikna ngarontok bari ngadegung-degugkeun sirah, bungah cenah.

“Ieu jikan uing… geulis, nya? Mana ari jikan énté?” pokna agul bari ngarérét ka pamajikanana. Jajantung lir didudut, waktu panon paamprok jeung teuteup pamajikanana. Suku asa teu napak. Awak ngeleper, dada ratug tutunggulan. Hadéna barudak teu daék milu.  Gusti, kiatkeun abdi!***

 

Katumbiri Sastra, 23 Fébruari 2019

Komala Sutha nu lahir di Bandung, 12 Juli 1974, nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Tulisanna dimuat dina  koran jeung majalah  di antarana Pikiran Rakyat, Tribun Jabar, Kedaulatan Rakyat, Solopos, Merapi, Denpasar Post, Lampung Post, Padang Ekspres, Malang Post, Bangka Post, Analisa, Medan Post, Kabar Cirebon, Tanjungpinang Post, Tribun Kaltim, Radar Tasik, Kabar Priangan, Galura, Femina, Hadila, Potret, majalahAnak Cerdas, Mayara, SundaUrang, WartaSunda, Beat Chord Music, Manglé, SundaMidang, Kandaga, Metrans, Buletin Selasa, Redaksi Jabar Publisher, jeung tulisan séjénna kawengku dina  sababaraha buku solo jeung puluhan buku antologi cerpen sarta puisi.