Carpon Komala Sutha (Tribun Jabar, 26 Juni 2018)

Lalakon Gigolo ilustrasi Tribun Jabar (1)
Lalakon Gigolo ilustrasi Tribun Jabar

Blus ka jero kamar, manéhna teu nyampak. Ditéang dikulikbek di jero imah, teu aya némbalan waktu digero-gero téh. Antukna gék dina korsi sopa pulas gading. Na kamana, cenah tadi dina telepon ngarenghik kuring peuting ieu ulah nepika teu datang. Dasar awéwé.

Panon nguriling ngimeutan eusi rohangan nu lega. Pikabetaheun. Teuteupan pindah ka belah kalér, kana kamar panggedéna. Rada lila neuteup téh. Geus limawelas taun datang asup kadinya, ngagolér dina kasur nu hipu, nedunan kahayang nu bogana. Tina haté aya peurih. Sumélékét rasa nu hésé digambarkeun. Rasa welasan taun. Rasa nu sarua. Rasa hanjelu kacida tapi kuring teu wasa incah.

Kuring nyagap dada, ngararasakeun rasa nu sarua. Teu kedal istigpar, tur ti baheula gé teu kungsi istigpar, jongjon kalalanjoan, teu inget hirup lamokot ku dosa. Dosa? Kuring sadar dosa? Teu karasa sirah unggeuk, kuring sadar kana dosa tapi teu mampuh eureun milampah dosa. Ngolébat dina kongkolak panon, rupa wanoja nu ngandung salila salapan bulan. Nu sanggeus nyaho orok nu gubrag ka alam dunya téh lalaki, tuluy teu reureuh miharep sangkan anak cikalna bisa jadi jelema. Ema,indung kuring, nu ditinggalkeun maot ku bapa waktu umur kuring nincak sapuluh taun, boga harepan nu kacida gedé keur kuring. Kajeun hirup aya dina kakurangan, Ema sumanget nyakolakeun kuring nepika Aliyah, kitu deui dua adi kuring. Waktu kuring réngsé kaluar sakola, kuring ngarasa pisan naon nu aya dina jero dada Ema. Ema hayang kuring kuliah. Kuliah di fakultas kedokteran. Pikeun ngudag kahayang Ema nu pamohalan, sawah titinggal bapa dijual. Ema rido. Ngan sataun, kuring sabar jadi mahasiswa kedokteran nu pangmalaratna. Teu sirikna dijejeléh ku babaturan, pangna kuring wani-wani kuliah di tempat bergengsi, dimana sakabéh mahasiswana anak jalma-jalma jugala saleumah cai. Ari kuring, bisa asup alatan ngajual sawah warisan nu ngan sakitu-kituna. Nu satadina hanceungan dua adi kuring nu masih sakola.

“Sabar, ieu cocoba keur Ujang,” pokna Ema waktu kuring ngarenghik hayang eureun kuliah. Kuring teu kuat. Tapi Ema tuluy nguat-nguatkeun kuring, pokna, budak nu keuyeung tangtu kahontal udaganna. Kuring bakal jadi jalma nu dipikajrih ku kolot. Ema moal reureuh ngadua, beurang peuting. Enya, nu jadi indung ngadua beurang peuting, tapi naha duit bisa langsung murag ti langit tanpa ihtiar? Ema ukur purah dadagangan teu pira di tepas imah, nu digalarkeun dina méja. Sawah warisan bisa ngasupkeun kuring kuliah, tapi hirup kuring sapopoé di tempat pangumbaraan? Kuring kudu mayar séwaan kamar, kudu barang dahar, loba kapereluan séjén, mayar praktikum jeung itu ieu, apan deuih rék timana mayar kuliah seméster ka hareupna, ngaran-ngaran kuliah di kedokteran lain ku duit saeutik.  Sawah warisan geus ledis dipaké ngawaragadan kuring.

Harita kuring teu tahan nyanghareupan babaturan nu teu reureuh moyokan kaayaan kuring, nu kos di tempat kos nu murah tur rujit, nu maké baju éta-éta kénéh, nu dahar di tempat pangmurahna, nu taya saurang gé mojang nu hayang deukeut jeung kuring nu rudin. Ema mah moal ngarti da kuring nu ngarandapanna. Mun bébéja ka Ema, tangtu waleranna ukur, cing sabar wé, Jang.

Sabar téh aya watesna, da kuring gé manusa. Manusa umur salapan welas taun. Keur meumeujeuhna rumaja nu rék mangkak déwasa. Masih inget, harita tilu bulan deui umur panceg duapuluh. Waktu kuring pegat harepan, geus tékad kudu eureun kuliah, geus teu mikiran deui kahayang Ema. Cipanon nyurucud maseuhan kaméja lecek waktu kuring keur diuk di luar rohangan hiji pausahaan gedé. Kuring léwéh, poho diri téh lalaki. Tadina mah rék nyiar gawé, jadi naon wé, dalah purah beberesih gé daék. Sanggeus nyusut cipanon, kuring paamprok jeung wanoja.  Saurang wanoja sapantar Ema. Duka sapantar atawa saluhureun.Tapi tangtu béda jeung Ema. Ema mah urang lembur, tara diwedak-wedak acan, pakéanna basajan tur sirahna ditiyung panjang. Ari ieu mah, pohara ginding. Pakéanna alus, kawas pakéan nu diparaké ku istri pajabat. Rarangkén emasna mah teu loba, nandakeun wanoja ‘berkelas’. Kana irung, kaangseu seungit parpum mérek luar negeri kawasna mah. Ngajak imut ka kuring, nu tuluy dibales bari pikiran mah keur pajurawet. Hidup segan mati tak mau téa. Manéhna nanya, ku kuring diwalon.Ukur wawanohan biasa, manéhna méméh indit kana mobilna nu hérang, nyebutkeun hiji alamat tur miharep kuring datang.

Isukna, jorojoy hayang nepungan wanoja ginding téa. Gedé harepan, boa-boa manéhna téh nu boga pausahaan nu ku kuring dipiharep bisa gawé. Susuganan kabiruyungan, méré lolongkrang. Enya sugan, matak manéhna maké jeung  méré alamat sagala rupa.

Teu saperti sasari, kuring maké kaméja nu pangalusna di antara pakéan-pakéan séjén. Piraku rék ngalamar gawé rudin. Ngeunteung heula dina eunteung nu naplok dina témbok kamar kos. Kasép saenyana kuring téh, di lembur mah jadi panyileukan para mojang. Tapi mojang dayeuh leuwih resep ka jajaka nu lain ukur kasép, tapi ginding. Matakna di dayeuh mah taya mojang nu ngadeukeutan, katambah kuringna gé teu wasa miheulaan ngadeukeutan. Pikiran unggal usik éstu dipinuhan lain mikiran kuliahna, tapi waragad hirup sapopoé kuring nu teu lumrah saperti mahasiswa séjén dimana maranéhna mah pangabutuhna dicukupan ku kolot-kolotna.

Tabuh opat pabuburit nepi ka hiji imah sigrong, manéhna ngabagéakeun. Soméah tur bageur kacida. Kakara aya jalma sabageur kitu ka kuring salila cicing di dayeuh. Ngawangkong lila tapi teu nyabit-nyabit sual gawé. Kuring teu wani nolak waktu manéhna ngajak kaluar imah, dahar di réstoran, lalajo di bioskop. Isukna kuring datang deui ka imahna, sakumaha paméntana. Kuring dibawa kaluar imah deui, mapay toko-toko nu husus ngajual pakéan-pakéan  jalma beunghar. Teu kaliwat, sapatu, kantong jeung nu séjénna kapereluan kuring. Malah, hapé gé dipangmeulikeun. Gogodeg, kakara manggih jalma sabageur kitu ka kuring. Hirup dakdumadak sumanget.

“Béda ayeuna mah, uy!” babaturan kuliah nu pangbageurna nyiku nempo panampilan kuring nu robah saratus dalapan puluh darajat. Kuring ngawalon ku mésem. Sababaraha mojang rut-rét ka kuring ti luhur nepi ka handap. Nu saurang mah umat-imut kawas hayang kataksir, tadina mah rék dideukeutan, ngan hapé niriling. Telepon ti Tanteu Érni, éh ti Érni. Manéhna mah teu daék disebut ‘Tantéu’ da cenah lain Tanteu kuring atawa Tanteu-Tanteu.

Tepung deui di imah éta, imah sigrong rada anggang ti puseur dayeuh. Di sakuliahna tutuwuhan nu asri, matak betah nempona. Didinya manéhna hirup nyorangan ukur dibaturan ku saurang badégana, taya supir, Érni leuwih resep mawa mobil sorangan. Saenyana imah kahijina mah di tempat séjén, nu éta mah imah kadua. Di imah kahijina mah aya dua anakna nu masih sakola di SD. Salakina langka mulang, loba urusan di mancanagara. Rupaning bisnis nu dicepeng, kungsi dicaritakeun ka kuring tapi kuring kurang harti. Keur kuring,leuwih ngararasakeun kasuka ayeuna, sagala dipangmeulikeun ku Érni bari teu kudu dipénta. Komo teu nyabit-nyabit sual gawé.

Kaopat kalina kuring ngawangkong di imah kadua jeung Érni. Tapi wangkongan téh teu saperti sasari, teu lila, ukur saparapat jam. Nu lilana mah di jero kamar. Kuring teu wasa nolak waktu manéhna léléndéan dina lahunan. Kuring gé ngimeutan awakna ti luhur nepika handap, taya nu kaliwat. Umurna mah opatpuluh taun, tapi katempona leuwih ngora ti umur saenyana, bubuhan hadé miara. Beungeutna ngadaun seureuh, geulis. Geus kasawang mangsa rumajana, loba jajaka nu resep. Réngsé ngimeutan sakujur awakna nu ngeusi, dampal leungeun kuring ngaragamang kana beungeutna, diusap lalaunan, manéhna meureumkeun panonna nu cureuleuk. Teu lila, panonna neuteup ka kuring, ngahiap-hiap. Dua leungeunna ngarawél beuheung kuring, dideukeutkeun kana beungeutna. Dua biwir padeukeut, laju silih gemol, kalalakian kuring ngudag, duaan narungtutan ngalésotkeun nu nuruban awak.

Sora panto hareup nu disurungkeun ngagareuwahkeun lamunan. Manéhna nyampeurkeun, diuk gigireun, teu lila, awakna disarandékeun ka kuring. Lalaunan dampal leungeun  ngusapan buukna nu taya huisan salambar-lambar acan bubuhan tara elat ka salon najan umurna geus nincak limapuluh lima taun.

“Naha teu kadangu suanten mobil?” cékéng basa-basi bari leungeun tuluy mencétan taktakna. Érni teu némbal, panonna dipeureumkeun bari dua leungeunna tipepereket nangkeup pingping kuring. Geus surti, kudu ditedunan kahayangna. Duaan muru kamar panggedéna, kamar nu geus welasan taun jadi tempat kuring jeung manéhna numpukkeun dosa.

Tabuh duawelas peuting, Érni lungsé, laju nyegrék bangun nu nikmat dina keukeupan kuring nu pageuh. Kuring mah teu bisa saré, dina poékna kamar, ngumbar lamunan. Rus-ras ka mangsa katukang, ti mimiti paamprok jeung manéhna nepika kiwari. Umur kuring geus tilupuluh lima taun, hartina geus limawelas taun wanoh tur deukeut jeung wanoja nu ngaran Érni. Wanoja nu geus ngawaragadan kuring salila jadi mahasiswa. Wanoja nu méré sumanget sangkan kuring bisa ngahontal udagan.  Érni gedé pisan jasana dina kahirupan kuring. Mun taya manéhna, can tangtu kuring nuluykeun kuliah, can tangtu kuring réngsé kuliah, can tangtu kuring jadi dokter spésialis, can tangtu kuring boga imah nu alus jeung mobil nu mahal. Lian ti éta, saupama taya Érni, can tangtu Ema ngarasa bagja duméh nyaho anak cikalna jadi ‘jelema’, can tangtu dua adi kuring kuliah, can tangtu imah Ema di lembur ngaalusan, can tangtu Ema boga pakaya sawah nu unggal taun nambahan, ogé can tangtu Ema ngalaksanakeun ibadah haji. Najan pikeun ngawujudkeun sakabéh éta, kuring kudu daék nedunan kahayang Érni, nyumponan kakangenna malidkeun birahina nu teu kungsi kapalidkeun jeung salakina.

Pikeun ngarobah tiluratus geneppuluh darajat kahirupan, kuring kudu daék maturan hirup Érni di imah sigrong nu anggang ti puseur dayeuh. Érni kudu diusapan, kudu digaléntoran, kudu dibulucunan, kudu dipépéndé nepika tibra, tur geus limawelas taun saperti kitu. Tandaning mulang tarima.

“Wayahna Ujang, sabulan sakali mah ka lembur, dulur-dulur saronoeun. Makam Bapa gé hayang dijarahan ku Ujang,” dina telepon Ema remen ngarenghik kitu Tapi kuring tara bisa nedunan, alesan riweuh ku pagawéan. Pikeun ngabungahkeunna, sok dititah nepungan ka kuring, ka dayeuh. Tepung di rumahsakit, tempat parakték, atawa imah kuring.

“Ujang, imah sakitu gedéna, meni ublug-ablag, na teu keueung?” pokna Ema lain ukur sakali. Geus nyaho rék kamana léokna, ku kuring teu dihaminan. Geus tangtu, kahayangna mah kuring geura boga pamajikan.

“Apan umur Ujang téh ngolotan,” ceuk Ema mun hayang ngamimitian deui nyarita sual éta. Kuring tara némbal, ukur ku nyéréngéh laju geuwat nyalénggorkeun wangkongan. Katara tina sorot panon, gedé kahariwang.

“Di lembur mah sapantar Ujang téh geus incuan.”

Mun geus kitu, kakara kedal tina biwir, “Teu acan aya jodona wé panginten, Ma.”

Bingungna mun Ema geus natawarkeun mojang di lembur. Nu geulis téa, nu calakan téa, nu soméah téa atawa naon wé ngagulkeun kareueusna ka mojang-mojang sangkan kuring daék milih jadi batur hirup. Mun kitu, kuring sok geuwat ngaléos api-api narima telepon ti pasén. Padahal mah nelepon Érni.

Saenyana, kuring lain teu hayang kawas batur, saha atuh jalmana nu teu daék rumah tangga. Tapi  teuing kunaon, waktu kuring éstu katalikung ku Érni. Kuring jalma nu riweuh dina pagawéan, dina sakali waktu hayang nyalsé ulin jeung batur saprofési, hapé meusmeus niriling. Telepon ti Érni nu nitah geuwat nepungan. Kuring teu wasa nolak kahayangna. Érni geus gedé jasa, kuring kahutangan budi.

Saurang gé taya nu nyaho rusiah kahirupan kuring. Kuring nu gandang, kuring nu dokter, kuring nu pinter, kuring nu dihormat ku balaréa, tayohna ‘piaraan’ wanoja nu boga salaki. Kuring teu jauh jeung gigolo, malahan mah leuwih goréng. Gigolo geus puguh teu nyumputkeun gawé jeung  prilaku, tapi kuring teu kitu. Dokter saukur kedok.

Peuting ngagayuh ka Subuh. Panon can bisa rapet, Érni ngulisik ménta keukeupan beuki pageuh. Haréwosna nompo kana ceuli, ngulah-ngulah kuring mulang ka imah kuring. Imah nu saenyana dipangmeulikeun ku manéhna. Kuring nangkeup pageuh, bari sarua ngaharéwos, ngécéskeun yén kuring tangtu nedunan kahayangna. Moal mulang, mun perelu moal ka rumahsakit ngalaksanakeun pancén. Kuring baris ngagugu.

Aa, Ema teu damang. Ngarénjag maca ésémés ti adi kuring. Sora adan ngalanglaung ti kajauhan. Rét ka gigireun, wanoja sapantar Ema dina keukeupan. Limawelas taun ngalambangsari. Awak ngadadak ngoprot késang, lalaunan ngalésotkeun keukeupan. Ngolébat rupa Ema, katempo kénéh kahariwang nu pohara dina sorot socana. Nu miharep kuring néang batur hirup. Ras hirup lamokot ku dosa. Cengkat tina pangsaréan, ngoléséd lalaunan, muka panto harep tuluy ngajugjug garasi.

Sapuluh menit geus aya di imah kuring. Ngoloyong ka cai, laju wudu. Karasa nyelecep tiis lain ukur kana nu disimbeuh, tapi ogé kana haté. Teuing geus sabaraha lila teu wudu, bangunna mah geus limawelas taun, ti mimiti wanoh jeung Érni. Dina pangsujudan, sanggeus limawelas taun teu solat, kuring nyegruk kanyenyerian.

Tabuh sapuluh geus aya di lembur. Dua adi kuring bungaheun nempo kuring datang. Nu dijugjug kamar Ema. Ema keur ngagolér dina kasur, panonna ngadadak cénghar.

“Hampura Ema geus ngadorésakeun hidep, meureun kuduna mancén gawé,” Ema ngusapan sirah kuring kawas ka budak. “Sapeupeuting mah Ema asa rék dicabut nyawa.”

Teu karasa cipanon murubut. Poho diri kuring lalaki. Kuring nu kudu dihampura mah, cékéng bari males ngusap leungeun Ema. Kakara kuring ngarasa sono pisan jeung embung jauh ti Ema. Kuring sieun kaleungitan Ema. Boa Ema téh kagegeringan mikiran kuring.

Sanggeus jajap Ema ka dokter mah tur bari nyaho panyawatna teu katutuluyan, kuring reugreug. Kuring nyelang heula nyekar ka makam Bapa. Didinya gé nyegruk, kuring rumasa loba dosa. Ngarasa tingtrim mulang ti makam, di péngkolan tepung jeung wanoja sapantar kuring.

“Mia?” kuring nyidik-nyidik wanoja nu maké baju dines. Tuluy dihiap milu kana mobil. Dijajap nepika imahna.

“Hatur nuhun, Kang Andi, eh, Dokter Andi,” sora Mia halimpu, sarua jeung sorana baheula, waktu jadi papacangan kuring salila nyuprih élmu di Aliyah. Aya nu ngageter kana haté. Geter nu sarua saperti baheula, geter nu teu kungsi kasorang deui. Dalah teu kungsi karasa salila reureujeungan jeung Érni. Teuteupan kuring teu lésot.

“Bu Mia mah tos lami janten guru PNS,” ceuk adi kuring waktu di imah Ema kuring nyaritakeun tepung jeung Mia.

“Ka saha Mia téh ngarangkepna?” tanya kuring panasaran. Tadi jeung Mia teu ngawangkong lila, ukur silih tanya iber masing-masing.

“Pan tos lami carogéna ngantunkeun. Putrana dua, balageur téh.”

“Oh,” ngan sakitu nu engab tina biwir. Hapé niriling, telepon ti Érni. Ngahaja teu diangkat. Kuring meuting, hapé niriling deui. Masih ti Érni. Teu diangkat. Tengah peuting niriling deui. Hapé dipareuman. Isukna kuring masih di lembur, maturan Ema. Hapé disada waé, ti rumahsakit  mah diangkat. Tapi ti Érni mah henteu. Kuring jadi ngadadak keuheul, asa kaganggu. Hirup nu ditalikung terus,  na rék nepika iraha.

Geus sabulan cicing di lembur. Karasa katingtriman nu geus lila teu kasorang. Komo sanggeus Mia daék dipapag ka tempat dinesna tur puruneun dijadikeun batur hirup.

“Sukur atuh ari Ujang aya niat pindah ka lembur mah, ngan kumaha gawé hidep?” ceuk Ema.

“Tos diajengkeun da, nuju diuruskeun, duakeun sing lancar nya Ma, abdi hoyong buka prakték di dieu,” ceuk kuring yakin pisan hayang ninggalkeun sagala rupa nu kungsi kasorang di dayeuh jeung pangpangna mah, ninggalkeun Érni. Hampura kuring, Érni, geus waktuna urang paturay. ***

 

Cipanas Puncak, 12 Agustus 2017    

Komala Sutha nu lahir di Bandung, 12 Juli 1974, nulis dina basa Sunda jeung Indonesia. Tulisanna dimuat dina  koran jeung majalah  di antarana Pikiran Rakyat, Tribun Jabar, Kedaulatan Rakyat, Solopos, Merapi, Denpasar Post, Lampung Post, Padang Ekspres, Malang Post, Bangka Post, Analisa, Medan Post, Kabar Cirebon, Tanjungpinang Post, Tribun Kaltim, Radar Tasik, Kabar Priangan, Galura, Femina, Hadila, Potret, majalahAnak Cerdas, Mayara, SundaUrang, WartaSunda, Beat Chord Music, Manglé, SundaMidang, Kandaga, Metrans, Buletin Selasa, Redaksi Jabar Publisher, jeung tulisan séjénna kawengku dina sababaraha buku solo jeung puluhan buku antologi cerpen sarta puisi.